naon hartina bali geusan ngajadi
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Anu dimaksud "bali geusan ngajadi" teh hartina nyaeta lemah cai atawa tempat urang dilahirkeun. Anu dimaksud bali nyaeta ari-ari santen anu kaluar dina waktu ngalahirkeun. Kekecapan "bali geusan ngajadi" teh mangrupa paribasa. Hiji paribasa miboga harti denotasi jeung harti konotasi. Anu penting dina hiji paribasa tangtu harti konotasina.
Jadi, harti konotasi tina paribasa "bali geusan ngajadi" nyaeta lemah cai atawa tempat urang dilahirkeun. Paribasa teh mangrupa salahsahiji bagian tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Dina basa Sunda anu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti paribasa, babasan, cacandran, kila-kila jeung pamali.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Kelas : - (SD)
Kata Kunci : Bali geusan ngajadi