Kumaha kalungguhan kakawihan pikeun barudak sunda
B. Daerah
ROVAN7618
Pertanyaan
Kumaha kalungguhan kakawihan pikeun barudak sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Kakawihan jeung kawih rumpakana sarua mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Anu ngabedakeun kakawihan jeung kawih nyaeta yen ari kakawihan mah dihaleuangkeunnana waktu keur ulin atawa waktu keur digawe, sedengkeun kawih bisa dihaleuangkeun iraha wae. Jadi, kalungguhan kakawihan pikeun barudak Sunda nyaeta digunakeun pikeun kaulinan, saperti kaulinan Oray-orayan, ambil-ambilan, perepet jengkol, cingciripit, jeung sajabana ti eta.