B. Daerah

Pertanyaan

contoh laporan kegiatan dalam bahasa sunda

1 Jawaban

  • Wisata Budaya Ka Kampung Naga

    1. Kasang Tukang

    Dina jaman teknologi ayeuna, utamana dina jaman Internet, informasi ngeunaan budaya, saperti budaya Sunda, gampil pisan diakses jeung dipikawanohna. Dina jaman Internet ieu urang bisa ngalakukeun wisata sacara "maya" ka mana wae anu aya di sakuliah dunya. Tapi pikeun nilik budaya Sunda, salian ti dilakukeun ku ngagunakeun Internet, loba daerah-daerah anu bisa dijugjug tur henteu jauh. Contona nyaeta hiji tempat anu disebut Kampung Naga. Sanajan Kampung Naga teh ayana di Kabupaten Tasikmalaya, masih loba keneh masarakat Tasikmalaya anu can kungsi ngajugjug atawa can mikawanoh ka Kampung Naga. Ku kituna pikeun mikawanoh budaya Sunda anu aya di Kampung Naga, SMP Suka Pasundan, Tasikmalaya ngayakeun kagiatan Wisata Budaya ka Kampung Naga.

    2. Tujuan

    Anu jadi tujuan dilakukeunnana ieu wisata budaya nyaeta supaya para siswa bisa mikawanoh kana budaya masarakat Kampung Naga, nyaeta masarakat Sunda anu lokasina sabenerna mah deukeut pisan jeung padumukan para siswa tapi miboga budaya anu beda. Kaayaan eta tangtu mangrupakeun hal anu matak kataji pikeun para siswa dijadikeun bahan panalungtikan.

    3. Waktu jeung Tempat Tujuan

    Wisata budaya dilaksanakeun dina tanggal 1 November 2017. Anu jadi tempat tujuan wisata budaya nyaeta ka Kampung Naga, Desa Neglasari, Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat.

    4. Pamilon

    Jumlah pamilon wisata budaya 205 urang, nyaeta 200 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping.

    5. Waragad

    Waragad kagiatan wisata budaya ieu nyaeta meunang iuran ti para siswa anu gedena 50.000/urang sarta dana bantuan ti sakola. Eta waragad teh digunakeun pikeun ongkos transportasi, mayar karcis di lokasi jeung pikeun konsumsi.

    6. Kagiatan

    Sanggeus nepi ka tempat parkir saacan asup ka lokasi Kampung Naga, urang kudu turun lewat tangga anu loba pisan sabab jarakna nepi ka kira-kira 500 meter. Di Kampung Naga para siswa nilikan imah-imah warga anu aya di Kampung Naga sarta ngayakeun wawancara jeung warga Kampung Naga anu aya.

    Tina hasil wawancara jeung nitenan kaayaan di Kampung Naga, bisa dijentrekeun kacindekan di handap ieu anu ngeunaan kaayann atawa kahirupan anu aya di Kampung Naga:

    a. Kampung Naga teh perenahna aya di wilayah Desa Neglasari, Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Lokasi Kampung Naga teh henteu jauh ti jalan raya anu ngahubungkeun kota Tasikmalaya jeung kota Garut. Jarak ti ti kota Tasikmalaya ke Kampung Naga kurang leuwih 30 kilometer, sedengkeun jarak ti kota Garut kurang leuwih 26 kilometer.

    b. Kampung Naga mangrupa pakampungan sakelompok masarakat anu masih keneh kuat dina nyekel adat istiadat karuhunna, nyaeta adat istiadat Sunda. Saperti pakampungan anu aya di masarakat Badui, Banten, Kampung Naga sering dijadikeun objek panalungtikan antropologi ngeunaan kahirupan masarakat padesaan Sunda dina masa peralihan tina pangaruh Hindu ka pangaruh Islam di Jawa Barat.

    c. Masarakat Kampung Naga masih nyekel pageuh adat istiadat karuhun. Masarakat Kampung Naga nolak kana pangaruh luar umpama ngarusak kalestarian Kampung Naga. Tapi sabenerna mah asal muasal Kampung Naga teh henteu pati jelas, henteu aya kajelasan sajarah, iraha jeung saha sarta naon anu jadi kasang tukang ayana kampung anu miboga sakitu masih kuatna. Warga Kampung Naga sorangan nyebut kana sajarah kampungna ku istilah "Pareum Obor".

    d. Sakabeh masarakat Kampung Naga ngaku ngagem agama Islam. Diajar ngaji pikeun barudak diayakeun unggal maelm Senen jeung malem Kemis. Sedengkeun pangajian pikeun kolotdiayakeun unggal malem Jum'at. Sanajan masarakatna ngaku ngagem agama Islam, masarakat Kampung Naga masih percaya kana pamali sarta dilaksanakeun sacara patuh.

    e. Wangun imah masarakat Kampung Naga kudu mangrupa panggung, bahan pikeun nyieun imah kudu tina awi atawa kai. Hatep imah kudu tina daun nipah, ijuk atawa alang-alang, lantai imah kudu tina awi atawa kai. Imah kudu nyanghareup ka kaler atawa ka kidul.

    7. Panutup

    Sanggeus nilik jeung nitenan kahirupan jeung kaayaan warga Kampung Naga tetela yen urang teh sanajan cicing teu pati jauh ti Kampung Naga salila ieu urang teu mikawanoh yen di Kampung Naga aya kahirupan masarakat anu kacida katajina pikeun dijadikeun bahan pangaweruh atawa panalungtikan urang sarerea. Ngan hanjakal ku ayana "pareumeun obor" ngeunaan asal-usul atawa sajarah Kampung Naga, urang teu meunang informasi ngeunaan asal-usul masarakat Kampung Naga anu pasti. Tapi sanajan kitu, justru ayana kondisi "pareumenun obor" ngeunaan sajarah Kampung Naga bisa dijadikeun alasan pikeun saha wae anu aya minat pikeun nalungtik sajarah Kampung Naga leuwih jero deui.

Pertanyaan Lainnya